Minggu, 21 Februari 2016

swargamaniloka



Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu
disilokakeun dina wayang sawarga teh disebutna
swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-
mani-loka, nu hartina sawaruga = sadiri sakujur,
mani (keur awewe manikem) bahan diri, loka =
tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung
tempat mani", nu ngawasana disebut Sanghyang
Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina
"gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing
saha jalma nu lain asal tina cahaya mani??.
Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina
saha bae jalma bakal guguru teh ka nu aya dina
diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat
pangawasa Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu
disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), nyaeta
pangawasa, pangersa/kadaek, hirup, uninga, rungu,
tingali, ngandika,
Nya ngolahna make alat anggauta badan nu sok
diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung
sifat batinna, nyaeta 1. uteuk jeung elinganna, 2.
ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4.
sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6.
hate jeung pikirna, 7. syaraf jeung rasana, 8.
leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna.
Tah eta wali sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu
jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni disimbulkeun
dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina
kendang indung ku 9 tali paragi ngantengkeun
kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)...
meureun
hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa
nu kudu dirarawat.
Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang
Jagatnata...nu hartina ngatur jagat/dunya...dunya
gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha
nu ngatur jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu
aya dina sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus
teu aya hyangna) mah tong boro bisa ngatur
dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu
diatur ku batur. Manikmaya oge disebut Hyang
Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu
ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot.
Lian ti eta masih keneh aya ngaran-ngaran alias
lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung
pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok
disebut oge Kahyangan (tempat hyang atawa
Kagustian/KaTuhanan).
Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa
Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro (beungeut),
matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu
taranjang (sagala kadaharan nu rek asup kana diri
kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah
dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun
aya nu aneh sok diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa
Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi
robah).
Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala
kanikmatan jeung kamewahan, loba widadari
(Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah
nginum, nikmat sare, nikmatna sapatemon laki-
bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah,
pamandangan jsb.....make naon mun teu make
diri... mun teu make diri sarua jeung ngalamun
alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih
ka jati mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur
papat) geus baralik ka sa-asalna deui, asal seuneu
balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka
angin/udara, asal cai balik ka cai, asal bumi balik
ka bumi. ......dina asup ka sawarga ngeunah-
genah-merenah-tumaninahna rek make naon????.
Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah
"candradimuka" (candra =
gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu
asup teu dipiharep boh nu
teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah
sok ngagolak, matak
mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon
kitu deui panyakit, eta
beungeut sok robah jadi beureum atawa pias,
sungut/kawah nyorocos
ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun
panyakit sok rumahuh
atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu
genah cicing. Tah kaayaan dina kitu diri teh jadi
tepat sagala katugenahan alias jadi naraka.
Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung
naraka teh nya aya dina diri, jeung dina kaayaan
keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya
kudu ku cara ngajaga diri sangkan cageur,
kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih
sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di
enya-enya) dijiwaan ku sikep jujur, tangtu salamet,
mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka.
Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot
urang teh ngan ukur ngubara di dunya, mun urang
geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu
disebut "alam padang pwe panjang nagara tunjung
sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka alam
(seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai
jeung tiisna, bumi jeung tetepna). Tah nu asal ti
Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling
kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain
urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui
jeung Gusti nu teu nitis deui ka dunya
Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah
disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal"
Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna
sawarga mun urang geus paeh......... pan tadi
disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna
sawarga mah nya di dunya keur hirup keur make
keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus paeh
hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna
endah, loba widadari, cai cur-cor dimana-mana,
kadaharan sagala aya, papakean sagala alus......
apan eta mah gambaran sifat jeung nafsu
duniawi,atuh eta mah sarua jeung beurat keneh
ka dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun
kitu???.... matak mungkin ku hal eta loba jalma nu
geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu
bablas ngarah ka jalan paasalan, da mungkin
neangan sawarga.
Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun
"geus teu naon-naon ku naon-naon" lir ibarat bayi
(sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah
masih suci???? ngacung).... tah kabeh urang
ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget
kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung
teu naon-naon ku naon-naon.... jadi ajaran luluhur
mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik
deui suci jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka
dunya dina kaayaan suci. Mun jalma dina beak
lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa
"ngahyang"....... ceuk kolot urang gubrag gumelar
ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung
kuringna......, naha dina mulang bet teu
babarengan? kuringna jeung batina balik tiheula,
ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek
bisa balik deui ka asalna... atuh teu adil teu
kompak.
Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna
sababaraha luluhur urang, ceuk pangarti kuring
lain hayalan, sabab ceuk ajaran datang ka dunya
jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu
babarengan ulah silih tinggalkeun antara lahir
(waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun).
Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??......
tapi sugan we bisa nambahan kanyaho kana ajaran
luluhur Sunda.

Sabtu, 20 Februari 2016

cara membuat kacang telur

Resep :
1 kg kacang tanah masih ada kulitnya
1 kg terigu
2 btr kuning telur
1 ons margarin
3 ons gula pasir
1 gelas air
2 bks vanili
Cara :
1. Rebus : gula, margarin, vanili dan air sampai
mendidih, lalu dinginkan
2. masukkan kuning telur ke larutan gula tadi,
aduk sampai rata.
3. taruh kacang dalam mangkok, siram dengan
larutan air gula 2 sdm, aduk rata
4. Lalu taruh di tampah yang sudah ditaburi terigu
kira2 segenggam tangan, aduk rata sampai terigu
menempel pada kacang.
5. lalu kacang ditaruh lagi di mangkok, siram lagi
dengan larutan air gula,
6. taruh lagi di tampah yang sudah ditaburi terigu,
7. ulangi sampai lalutan gula habis dan terigu juga
habis.
8. lalu digoreng sampai agak kecoklatan, dengan
api kecil.

membuat manisan agar agar

Manisan Agar-agar kering"
Bahan :
Agar-agar bubuk (warna putih) 3 bks
Pewarna sesuai selera
Gula pasir 1/2 kg
Air bersih 0,8 ltr
Cara membuat:
Masukkan semua bahan dan rebus hingga
mendidih aduk-aduk sampai gulanya hancur dan
adonan mengental
Kemudian angkat dan tuang kedalam cetakan yang
telah disediakan sebelumnya setebal jari
Tunggu hingga agar-agar mengeras, kemudian
potong kecil-kecil berbentuk dadu atau sesuai
selera. (gunakan pisau gelombang supaya cantik)
Selanjutnya setelah siap dipotong masuk ke tahap
penjemuran.
Jemur agar-agar berkali kali hingga betul betul
mengering dan berkristal. jangan lupa dibolak-
balik agar cepat kering (bisa memakan waktu
seminggu lebih)
Setelah benar-benar mengering simpan manisan
agar-agar kedalam toples kedap udara.
Manisan siap untuk dιnιĸмaтι